Anggapan Walanda hitut téh ceunah kaséhatan. Lamun teurab dianggapna sopan. Kocapkeun Si Kabayan hayang ngabuktikeun éta perkara. Pok nyarita ka babaturanana kieu “Cenah ku urang Walanda mah ari hitut téh di pupuji di aalus. Lamun teurab dianggapna teu sopan?” “Cenah ku urang Walanda mah ari hitut téh di pupuji di aalus. Lamun teurab dianggapna teu sopan?” “Kuring rék ngabuktikeun bener henteuna éta omongan téh, kabeneran di urang aya Walanda kontrak!” ceuk Si Kabayan. Enya baé, soréna Si Kabayan katémbong leumpang babarengan jeung Tuan Walanda kontrak. Tapi saméméhna, Si Kabayan bebekelan heula keur pihituteun. Dahar ogé ngahaja poé éta mah lain sangu, tapi kakacangan sabangsa su’uk jeung kacang polong. Lian ti éta ogé, ngahaja pamajikannana nitah pangulubkeun hui, anu leuwih kawéntar disebut kapsul Malangbong atawa karbit Walasari. Kocapkeun ti barang leumpang, Si Kabayan geus dedegeng baé ngadedetkeun bujurna supaya hitut. Enya baelé, kusabab geus disadiakeun ti ang...
- Dapatkan link
- X
- Aplikasi Lainnya